PARIBASA JEUNG BABASAN
Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur,
tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean
batur.
Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung
omonganana.
Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda, ngaku baraya
batur anu beunghar atawa jeneng mamrih kahormatan atawa kauntungan.
Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna,
pangbeungharna jste.
Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa
pangpunjulna.
Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih
bisa meper diri
napsu kapegung.
napsu kapegung.
Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh
sakeudeung.
Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan
pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu
diurus bener bener.
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot
tapi hate ngongoraeun keneh.
Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade
galena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga
suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet
atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
Aya hate kadua leutik naksir.
Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud
urang gancang kalaksanakeun.
Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun
ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua
darajatna jeung panghasilanana.
Baleg tampele ari
rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh
kaera.
Bali geusan ngajadi
tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok meuting
teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang
bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih
hate.
Banda tatalang raga
lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang
ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
Belang bayah gindi pikir
boga pikiran goreng ka papada kawula.
Bengkung ngariung bongkok
ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
Beurat birit hese
jeung sungkan dititah.
Beurat nyuhun beurat
nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung,
ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
Beureum paneureuy
seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
Beuteung anjingeun
ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Bilih aya turus bengkung
Bisi salah pokpokanana.
Biwir nyiru rombengeun
resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
Biwir nyiru rombengeun
Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
Biwir sambung lemek, suku
sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah
ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
Bluk nyuuh blak nangkarak
Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Bobo sapanon carang sapakan
aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
Bobor karahayuan
henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
Bonteng ngalawan kadu
nu leutik ngalawan nu gede.
Buburuh nyatu diupah beas
nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Budi santri, legeg lebe,
ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok
ceceremed.
Buluan belut, jangjangan
oray pamohalan kajadian.
Bungbulang tunda / tunda
talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka
batur.
Buntut kasiran
koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
Bur beureum bur hideung,
hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake.
Buruk buruk papan jati
ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
Caang bulan dadamaran
migawe nu kurang mangpaat.
Cacag nangkaeun Hanteu
beres, hanteu rata, henteu sampurna.
Cangkir emas eusi delan
omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat
jeung matak bahaya ka urang.
Cara bueuk meunang mabuk
ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang
sabab era tawa sieun.
Cara gaang katincak
anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cara jogjog mondok
carekcok bae, mani gandeng nacer.
Cara simeut hiris, tai kana
beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku
batur.
Cecendet mande kiara
Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Ceuli lentaheun
Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan
eta beja teh bener henteuna.
Cicing dina sihung maung
Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
Cikaracak ninggang batu
laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila
jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
Cileuncang mande sagara, cecendet
mande kiara, hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu saluhureun
harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Ciri sabumi cara sadesa
beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
Clik putih clak herang
Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
Congo congo ku amis, mun
rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana
henteu bageur.
Daek macok embung dipacok
daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana
ku batur mah embung.
Dagang oncom rancatan emas
ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
Dah bawang dah kapas
tah barangna tah duitna.
Daluang katinggang mangsi
Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
Deugdeug tanjeuran pada
ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina
kasenian.
Deukeut deukeut anak taleus
ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
Dihin pinasti, anyar
pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa
kapanggihna.
Dikungkung teu diawur,
dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu
dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
Dipiamis buah gintung
Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
Dipiamis buah gintung
disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
Disakompet daunkeun,
dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
Ditangtang ditengteng
dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
Ditilik ti gigir lenggik,
disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjang jeung
geulis pisan, pantes kewes.
Dogdog pangrewong
bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
Dogong dogong tulak cau,
geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh,
sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin
batur, atuh hese cape taya gawe.
Dosa salaput hulu
kacida loba dosana.
Dulang tinande
awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
Duum tinggi
ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
Elmu ajug pinter
ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
Elmu sapi samiuk
(ngahiji) kana kagorengan.
Elmu tumbila nu
boga imah ngarugikeun ka tatamu.
Elok bangkong nuju
sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
Endog sapatarangan, peupeus
hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur,
baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
Endog tara megar kabeh
najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
Galehgeh gado
darehdeh tapi henteu terus kana hate.
Gancang pincang
kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
Gantung denge
hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun
ngadengekeun.
Gantung teureuyeun
Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu
eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
Gede gede kayu randu,
dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig
Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung
karajinanana goreng.
Gede gunung pananggeuhan
Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
Gede gunung pananggeuhan
Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya
karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku
kabeungharan atawa kakawasaan.
Getas harupateun, pingges
harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
Geulis sisi, laur gunung,
sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
Gindi pikir belang bayah
Goreng hate, dolim, julig , dengki.
Ginding kakampis
Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
Giri lungsi tanpa hina
Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
Goong saba karia
Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang
dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
Gunung tanpa tutugan,
sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
Gurat batu Pageuh
kana jangji.
Gusti Alloh tara nanggeuy
dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa
boga dosa ka papada kawula.
Hade gogog hade tagog
Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
Hade ku omong goreng ku
omong Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng
deui balukarna.
Halodo sataun lantis ku
hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku
kagorengan atawa kasalahan sapoe.
Hambur bacot murah congcot
Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek
barangbere dahareun.
Hampang birit
gampang jeung daekan dititah.
Hanteu gedag bulu salambar
Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
Hapa hapa ge ranggeuyan
Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
Hapa hapa ge ranggeuyan
Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
Harewos bojong
Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela
pisan.
Haripeut ku teuteureuyeun
Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu
ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
Harus omong batan goong
Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok
pabeja beja.
Hayang untung jadi buntung
teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama
sakali henteu diarep arep.
Hejo tihang Resep
jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
Herang caina beunang laukna
Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa
dinyenyeri.
Herang caina beunang laukna
Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
Herang herang kari mata,
teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
Heueuh heueuh bueuk
Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
Heurin ku letah
Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba
karisi/ karempan.
Hirup ku panyukup gede ku
pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah
sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
Hirup nuhun paeh dirampes
Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
Hirup ulah manggih
tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah
supaya alus kacaritakeunana.
Hulu dugul dihihidan
Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
Hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
Hurung nangtung siang
leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
Ieu aing uyah kidul
Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga,
pangkat atawa kakawasaan.
Ilang along margahina,
katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes,
ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun
sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina
seserahan).
Indung lembu bapa banteng
Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
Inggis batan maut hinis
Pohara risina, pohara paurna.
Inggis manan maut hinis,
rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.
Ipis kulit beungeut
Gede kaera.
Iwak nangtang sujen
Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
Jabung tumalapung sabda
tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan
batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
Jadi maung malang
jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
Jadi sabiwir hiji
jadi carita jalma loba.
Jadi senen kalemekan
mindeng dicaritakeun batur.
Jaman cacing dua saduit
jaman baheula pisan.
Jati kasilih ku junti
pribumi kaeehkeun ku urang asing.
Jauh jauh panjang gagang
hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
Jauh ka bedug anggang ka
dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga
jeung peryoga.
Jauh ka bedug
dusun,bodo, euweuh kanyaho.
Jawadah tutung biritna,
sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
Jegjeg ceker cape
kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
Jejer pasar lumrah
bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
Jeung leweh mah mending
waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung
kabingung teu wani pok nyarita.
Jogjog neureuy buah loa
mikarep ka anu lain babad.
Jogjog neureuy buah loa
Milampah anu moal pihasileun
Ka luhur teu sirungan
kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal
jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
Kaceluk ka awun-awun
kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar pisan,
kawentar kamana mana.
Kaciwit kulit kabawa daging
Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah
jeung henteu milu ulubiung perkarana.
Kahieuman bangkong
Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku
batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
Kai teu kalis ku angin
Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
Kajeun pait tungtung amis
manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade
dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong asal
tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap
Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
Kandel kulit beungeut
euweuh caerá.
Katempuhan buntut maung
Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan
balukarna.
Katumbukan catur kadatangan
carita Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun
panyerewedan.
Kawas anjing kadempet
lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek
ambekan sagala.
Kawas budak rodek hulu
Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
Kawas cucurut kaibunan
Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
Kawas hayam keur endogan
cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
Kawas hayam panyambungan
Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
Kawas kacang ninggang
kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur
ngambek bari nyarekan.
Kawas kuda leupas ti
gedogan Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang,
ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
Kawas lauk asup kana bubu
Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta
pagawean.
Kawas lauk asup kana bubu
gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung
negcagkeunana eta pagawean (masalah).
Kawas nu mulangkeun
panyiraman Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku
jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun
ka ahlina/ kulawargana.
Kawas siraru jadi
Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
Kawas wayang pangsisina
Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
Kejo asak angeun datang
Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
Keur meujeuhna bilatung
dulang Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
Keur meujeuhna hejo lembok
rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
Keur nuju bentang surem
keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan
rugi bae.
Kiceupna sabedug sakali
Pohara lungguhna.
Kiruh ti girang kiruh ka
hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu
dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
Kokoro manggih mulud puasa
manggih lebaran Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu
pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi
ka siga mangpang meungpeung.
Kokoro nyoso, malarat rosa,
lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.
Kotok bongkok kumorolong,
kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan
Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan
kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Kudu bisa ngeureut neundeun
Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
Kudu boga pikir kadua
leutik Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya
rasa curiga.
Kujang dua pangadekna
Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
Kulak canggeum bagja awak
Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha
Suci.
Kumaha bule hideungna bae
Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
Kumaha kejebur caina
geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
Kunang kunang nerus bumi
Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
Kuru cileuh kentel peujit
Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
Kurung batok teu
resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae
Lain ku tulang munding
kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik
oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
Lain lantung tambuh laku,
lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit ti imah kalawan
ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu
dijugjug.
Landung kandungan laer
aisan Gede timbanganana, gede pangampurana.
Langsung saur bahe carek
Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
Lauk buruk milu mijah =
piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng
katenjona.
Legok tapak genteng kadek
Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
Leubeut buah hejo daun
Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
Leuleus jeujeur liat tali
pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
Leunggeuh cau beuleum
Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
Leutik burih
euweuh kawani.
Leutik cahak, gede cohok
Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
Leutik leutik ngagalatik
Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
Leutik ringkang gede bugang
Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya
papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
Leuwi jero beunang
diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade gorengna pikiran
jelema hese dikira kirana.
Lieuk euweuh ragap taya
Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
Loba teuing jaksa
loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu
dipapatahan.
Lodong kosong ngelentrung
Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
Luhur kuta gede dunya
Gagah tur beunghar taya kakurang.
Luncat mulang Teu
beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
Lungguh tutut
Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
Malengpeng pakel ku
munding, ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara
anu taya pihasileunana.
Maliding sanak
Henteu adil, pilih kasih.
Mangpengkeun kuya ka leuwi
Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
Mapay ka puhu leungeun
Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon
naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
Marebutkeun paisan kosong
Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
Maut nyere ka congona
Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
Melengkung bekas inhalan
Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
Mere langgir kalieun
Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Meuli teri meunang japuh =
nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang milik,
darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
Meungpeun carang ku ayakan
Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu
kieu kalahka api api teu nyaho.
Meungpeung teugeu harianeun
Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
Miceun batok meunang coet
Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu
goreng deui bae.
Mindingan beungeut ku
saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun
mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
Mipit teu amit ngala teu
menta Maling boga batur.
Miyuni hayam kabiri
Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
Moal ceurik menta eusi
Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
Moal neangan jurig teu
kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
Mobok manggih gorowong
Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
Mobok manggih gorowong
meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
Monyet kapalingan jagong
Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah
karoroncodan.
Mopo memeh nanggung
Hoream, teu sanggup samemeh prak.
Mun teu ngakal moal ngakeul
mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
Mun teu ngoprek, moal
nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih Lamun
teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
Muncang labuh ka puhu, kebo
mulih pakandangan Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di
pangumbaraan/panyabaan.
Mupugkeun tai kanjut
Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida
dipikameumeutna.
Ngajul bulan ku asiwung,
mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil
(asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan
liang-liangan).
Ngadu angklung di pasar
papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
Ngadu ngadu rajawisuna
mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea,
parerea omong.
Naheun bubu pahareup hareup
dina pangabutuh silih injeuman duit.
Nangkeup mawa eunyeuh
mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
Nangtung kariung ngadeg
karageman Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
Nepak cai malar ceret
Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung
kawentar kagorenganana.
Nepakeun jurig pateuh
Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan
urang sorangan salamet.
Nete porot ngeumbing lesot
Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
Nete semplek nincak semplak
Kieu salah kitu salah.
Nete semplek nincak semplak
Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
Nete taraje, nincak
hambalan Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka
nu handap heula, kakara terus kaluhur.
Neukteuk curuk dina
pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah,
sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
Neukteuk mani anggeus,
rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena teu sabar dina
nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
Neundeun piheuleut nunda
picela Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna
papisahan teu ngahiji deui.
Ngabudi ucing teu
wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
Ngadagoan kuah beukah
Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur
bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
Ngadagoan uncal mabal
Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun
eta rejeki.
Ngadaweung ngabangbang
areuy pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas
pacampur jeung sedih.
Ngadek sacekna, nilas
saplasna Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
Ngadeupaan lincar
ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah
jeung diajak dahar.
Ngagandong kejo susah nyatu
loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh
nu daekeun ari dititah teh.
Ngagedag bari mulungan
Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan
yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
Ngaliarkeun taleus ateul
ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
Ngaliarkeun taleus ateul
Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
Ngarep ngarep bentang
ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
Ngarep ngarep kalangkang
heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah
pihasileunana.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun
hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi
teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
Ngeplek jawer, ngandar
jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngeupeul ngahuapan maneh
Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung
nulungan ka urang.
Nginjing sila, bengkok
sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
Ngodok liang buntu hese
cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat oge moal atawa
henteu beubeunangan.
Ngodok liang jero
Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
Ngukur ka kujur nimbang ka
awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste
disaluyukeun jeung pangala.
Ngukut kuda kuru ari geus
gede sok nyepak Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak
dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka
anu jadi dunungan.
Ngusap birit bari
indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula
ka anu araya didinya.
Nimu luang tinu burang
Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa
hukuman.
Nincak parahu dua
Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
Ninggang kana kekecrekna
Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
Nini nini dikeningan, awewe
randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
Noong ka kolong
Leutik hate, leutik pangharepan.
Nu asih dipulang sengit, nu
haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri
ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
Nu borok dirorojok = nu
titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur
nyeri ditambah kanyerina.
Nu borok dirorojok, nu
titeuleum disimbeuhan Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
Nu burung diangklungan, nu
edan dikendangan ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk
hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
Nu tani kari daki, nu
dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu
mulya.
Nuju hirup ninggang wirahma
Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
Nulungan anjing kadempet
nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
Nya di hurang nya dikeuyeup
Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa
katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
Nya ngagogog nya mantog
Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
Nya picung nya hulu maung
Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu
nyambung.
Nyaeuran gunung ku taneuh,
sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus
beunghar.
Nyair hurang meunang kancra
Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng
meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
Nyaliksik ka buuk leutik
Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung
pangabogana.
Nyalindung ka gelung
Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
Nyanggakeun suku genteng
belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang
walang Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari
kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
Nyanghulu ka jarian
Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
Nyeri beuheung sosonggeteun
Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
Nyeungeut damar di suhunan
mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
Nyeungseurikeun upih ragrag
Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong,
tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal
kasorang.
Nyiar batuk piaraheun
Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
Nyicikeun cai, murulukeun
lebu turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu
dilarang ku luluhur.
Nyieun catur taya dapur
nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
Nyieun heuleur jeroeun huma
Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
Nyieun pucuk ti girang
pangheulana neangan piaseaeun.
Nyiruan mah teu resepeun
nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu
boga.
Nyiuk cai ku ayakan
Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
Nyium bari ngegel
Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari
pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Nyokot lesot ngeumbing
porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik
nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
Nyuhun nanggung ngelek
ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.
Nyuhunkeun bobot pangayon
timbang taraju Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh
rumasa ari salah jeung dosa mah.
Nyukcruk walungan mapay
mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan
pancakakina.
Omong harus batan goong
Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh
leuwih hebat batan aslina.
Owah gingsir
Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan
Paanteur-anteur julang silih
anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
Pacikrak ngalawan merak
Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
Pada rubak sisi samping
Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
Pagirang girang tampian
Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu
daek silih seblokan).
Paheuyeuk heuyeuk leungeun
Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
Pait daging pahang tulang
Arang gering.
Pait daging pahang tulang
cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
Pakotrek iteuk
Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki
nini-nini.
Paluhur luhur diuk
pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
Panday tara bogaeun bedog
Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
Papadon los ka kolong
Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
Peureum kadeuleu beunta
karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka
jelema anu dipikancinta.
Piit ngeundeuk ngeundeuk
pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
Pindah cai pindah tampian
Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
Pinter aling laing bodo
Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
Pipilih meunang nu leuwih
koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran
hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
Piruruhan katengahimahkeun
Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
Pupulur memeh mantun
Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
Pur kuntul kari tunggul,
lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging Dina cidrana anu
diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
Puraga tamba kadengda
Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade
hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae
Raweuy beuweungeun rambay
alaeun Loba dahareun da loba pepelakan.
Rumbak caringin di buruan
dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka
urang.
Rumbak kuntieun
Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
Rup ku padung rap ku lemah,
katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu
satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
Rusuh luput gancang pincang
Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak
nyugemakeun.
Sabobot sapihanean
Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
Sabuni buni anu ngising
sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal
akhir sok kudu kanyahoan bae.
Sagalak galakna macan taru
nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara
tega ka anu jadi anak.
Sagolek pangkek sacangreud
pageuh Hanteu cidra kana jangji.
Saherang herangna cai beas
Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri
ka urang.
Saherang herangna cibeas,
moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara
hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
Sakecap kadua gobang
Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
Sakiriciking duit
sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.
Saluhur luhur punduk tara
ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran
guru.
Sangsara di geusan betah
Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar
kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
Sapu nyere pegat simpay
Paturay papisahan.
Sareundeuk saigel sabobot
sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
Satengah buah leunca
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
Saumur nyunyuhun hulu
Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
Saungkab peundeuy
Omongan anu pondok tur kurang manis.
Sengserang padung
Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora
keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
Sentak badakeun
teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu
tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
Sereg di panto logor di
liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba
kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
Sereg dibuana logor diliang
jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame,
sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
Seukeut ambeu seukeut
deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean
pulisi).
Seukeut tambang manan
gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah
awal ahir tangtu katangkep pulisi.
Seuneu hurung cai caah
Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Seuneu hurung dipancaran
Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi
tambah.
Seuseut batan neureuy
keueus Hese pisan.
Sibanyo laleur
Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
Sirung ngaliwatan tunggul
Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
Sosoroh ngadon kojor
Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka
meunang wiwirang jeung karugian
Tamiang meulit ka bitis
Malindes ka diri sorangan.
Tamplok batokeun
Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
Taya halodo panyadapan
taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa
dicarekan).
Teng anak teng, anak merak
kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina
loba anu diturunkeun ku kolotna.
Teu aya sarebuk samerang
nyamu Teu aya saeutik eutik acan.
Teu beunang dikoet kunu
keked Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu
susah.
Teu boga pikir rangkepan
Teu boga curiga saeutik eutik acan.
Teu busik bulu salambar
teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
Teu cari ka Batawi tapi ka
salaki hakan pake hayang ti salaki.
Teu diambeuan teu
dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
Teu didingding kelir
teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
Teu dipiceun sasieur
Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
Teu ditari teu ditakon
Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
Teu gugur teu angina
Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
Teu jauh ti tihang juru teu
anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok
daek pulang paling.
Teu mais teu meuleum
teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
Teu ngalarung nu burung,
teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu
haram oge disaruakeun bae.
Teu nginjeum ceuli teu
nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
Teu nyaho di alip bingkeng
bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
Teu puguh alang ujurna
teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu
loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus
pisan.
Teui hir teu walahir, teu
kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka, teu adi teu
alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
Ti luhur sausap rambut ti
handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa
boga dosa.
Ti peuting kapalingan ti
beurang kasayaban Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
Tiis ceuli herang mata
ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
Tikoro andon peso
ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tinggar kalongeun
Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
Tipu keling ragaji Inggris
pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
Titip diri sangsang badan
Mihapekeun maneh.
Titirah ngadon kanceuh
sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
Totopong heureut dibeber
beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae
matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung
pangaluaran anu sakitu lobana.
Tugur tundang cuntang
gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
Tunggul dirarud catang
dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
Tunggul sirungan, catang
supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
Tungkul ka jukut tanggah ka
sadapan junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku
naon naon.
Ulah beunghar memeh boga
ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga
pakaya.
Ulah cara ka kembang malati
kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah
ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi
kudu beuki lila beuki welas asih.
Ulah cara ka malati kudu
cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
Ulah kabawa ku sakaba-kaba
ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
Ulah muragkeun duwegan ti
luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan
arek dimonyah monyah.
Ulah pangkat memeh jeneng
Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
Ulah tiis tiis jahe
kudu iatna, kudu cingceung.
Ulah unggut kalinduan ulah
gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa
rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
Uncal tara ridu ku tanduk
Duduluran karumpul kabeh.
Uyah tara tees kaluhur
Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak
incuna
Waspada permana tingal
Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
Wiwirang di kolong catang
nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.
0 komentar:
Posting Komentar